Kaulinan Budak
ambil-ambilan
kaulinan budak bari kakawihan anu biasana dipetakeun di buruan jeung perlu lobaan.
anjang-anjangan
kaulinan nu niru-niru jelema nu geus rumah tangga, aya bapa, ibu, anak,
tatangga, warung, pasar, jsb. Biasana dilakukeun ku barudak awéwé, tapi
saupama aya budak lalaki sok pirajeunan dijadikeun bapa.
bebentengan
kaulinan anu dipetakeun ku cara silihbeunangkeun (ditoél) bari ngajaga bénténg anu dijaga ku batu, talawéngkar, jsb.
beklen
kaulinan anu maké bal béklén jeung sawatara kewuk. Biasana dilakukeun di jero imah atawa téras.
boy-boyan
kaulinan anu maké bal saukuran bal ténis pikeun malédog talawéngkar nu
ditumpukkeun. Upama keuna, anu jadi ucing kudu ngaberik terus
malédogkeun bal ka nu malédog tumpukan talawéngkar bieu. Kitu terus
nepikeun kabéh pamaén keuna kabalédog.
congklak
kaulinan maké papan kai dieusi kewuk.
cacaburange
kaulinan di jero imah bari kakawihan. Aya nu jadi ucing nu kudu neguh
barang anu dikeupeul ku batur. Upamana nu ngeupeul éta batuna kateguh,
gantian jadi ucing.
cingciripit
kaulinan bari kakawihan.
damdaman
kaulinan anu maké mikir lantaran butuh stratégi sangkan buah dam urang teu béak dihakan ku buah dam batur anu jadi lawan urang.
endog-endogan
kaulinan maké leungeun bari kakawihan. Leungeun ditumpuk bari meureup
nyarupa endog, terus gogoléangan atawa endogna peupeus nuturkeun kawih.
empet-empetan
kaulitan mangsa sawah dibuat ku cara niupan tarompét tina jarami.
encrak
kaulinan anu biasana maké sarupaning sisikian (siki asem, siki tanjung, jsb.)
engkle
kaulinan ku cara éngklé-éngkléan bari suku nu teu napak kana taneuh
mawa batu. Nalika nepi kana kalang anu jadi bates, batu éta kudu
ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun
galah asin
kaulinan maké kalang di taneuh buruan ku cara lumpat ti hiji kalang ka
kalang lain terus balik deui. Salila bulak-balik, teu meunang katoél
atawa beunang ku nu ngajaga kalang. Dipaénkeun baladan.
gatrik
kaulinan maké awi bébékan anu kudu dibetrikkeun pajauh-jauh ku jalan diteunggeul ku paneunggeul tina awi ogé.
gugunungan
kaulinan paluhur-luhur nyieun gugunungan tina taneuh, biasana taneuh ngebul.
hahayaman
kaulinan lobaaneun anu salah saurangna jadi hayam, saurang nu lain jadi
careuhna. Hayam diudag-udag careuh bari lulumpatan sanajan teu laluasa
lantaran dihalang-halang nu séjén anu jadi pager.
jajangakungan
kaulinan leumpang maké awi dua anu aya panincakan. Disebut ogé égrang
luncat tali
kaulitan ngaluncatan tali anu dicekelan ku duaan. Talina saeutik-saeutik diluhurkeun.
ngadu kaleci
kaulinan maké kaléci. Aya rupa-rupa aturan.
oray-orayan
kaulinan lobaaneun bari kakawihan, pacekel-cekel taktak, jeung ngantay maju siga oray luar-léor.
paciwit-ciwit lutung
kaulinan bari kakawihan jeung paciwit-ciwit leungeun nuturkeun paréntah kawih
perepet jengkol
kaulinan bari kakawihan jeung nyangkedkeun unggal suku sabeulah, terus puputeran teu meunang leupas.
pelak cau
kaulinan nangkeup tihang imah ku sababaraha urang pauntuy-untuy. Aya
hiji nu kudu nyobaan ngabetot budak ti nu pangtukangna sina leupas.
sermen
kaulinan peperangan pabalad-balad bari maké pedang anu dijieun biasana
tina awi. Saurang dianggap paéh upama sukuna ti tuur ka handap katoél
ku pedang musuhna. Kitu saterusna nepikeun kabéh musuh paéh.
sondah
kaulinan ku cara éngklé-éngkléan make ngaliwatan kalang kotak-kotak.
Aya kotak anu ditandaan ku kojo (tina batu) anu teu meunang ditincak.
sorodot gaplok
ampir sarua jeung éngklé, ngan batuna dibawa ku suku bari leumpang
gancang terus sarua ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun
ucing-ucingan
kaulinan lulumpatan jeung nyingcétan lantaran diudag jeung rék ditoél ku nu jadi ucing.
ucing sumput
kaulinan néangan batur nu nyumput upama saurang jadi ucing. Biasana
ucing ngitung heula méré waktu batur nyumput saacan kudu néangan
kabéhanana. Aya rupa-rupa aturan.