galakon

galakon

KECAP

Kecap-kecap dina basa Sunda bisa dipasing dumasar kana wangun jeung warnana.

Wangun Kecap

Kecap asal : kecap anu teu kungsi ngalaman parobahan
Kecap rundayan : kecap asal anu geus dirarangkénan
Kecap rajékan : kecap anu diwangun ku cara ngarajék kecap asal
Kecap kantétan : kantétan dua atawa leuwih kecap asal anu mibanda harti anyar.

Warna Kecap

Warna/Rupa Kecap kabagi dua:
1. kecap lulugu
*barang : kecap anu nuduhkeun barang atawa ngaran nu dianggap barang.
*sulur : kecap anu dipaké pikeun nyuluran atawa ngaganti kecap barang.
*pananya : kecap anu dipake pikeun nanya
*pagawéan : kecap anu nuduhkeun kalakuan, paripolah, atawa pagawéan jalma atawa mahluk séjénna.
*sipat : kecap anu nuduhkeun sipat atawa kaayaan barang atawa nu dianggap barang.
*bilangan : kecap anu nuduhkeun bilangan, jumlah, beungkeutan, kumpulan, atawa tahapan.

Kecap sulur

Kecap sulur aya sababaraha rupa:

* kecap gaganti jalma
* kecap gaganti milik
* kecap panuduh

bersambung.......

KALIMAH

WANGUN KALIMAH

Kalimah Salancar

Kalimah salancar diwangun ku hiji jejer (J) jeung hiji caritaan (C).

* Upama kalimah salancar diwuwuhan ku katerangan, hiji atawa leuwih (K+), ieu kaasup kana Kalimah Salancar Jembar.
* Upama jejer atawa caritaan wungkul, atawa diwuwuhan ku obyék, hiji atawa leuwih (O+), ieu kaasup kana Kalimah Salancar Basajan.

Conto Kalimah Salancar
(1) Kuring / dahar
J + C
(2) Habibie / maréntah / nagara
J + C + O
Jembar (K+) J C (O+) (K+)
(1) Kuring / dahar / di kebon.
J + C + K
(2) Habibie / maréntah / nagara / sataun lilana.
J + C + O / K
(3) Ti taun 1998 / Habibie / maréntah / nagara.
K + J + C + O
(4) Ti taun 1998 / Habibie / maréntah / nagara / sataun lilana.
K + J + C + O / K


Dina kalimah salancar jembar, rupa-rupa katerangan anu bisa diwuwuhkeun bisa dipasing jadi sababaraha rupa, nyaéta

* katerangan waktu, maké kecap-kecap panuduh waktu saperti kamari, ayeuna, isuk, wanci, jam, jsb.
* katerangan tempat:
o maké kecap-kecap pangantét: ti, di, ka, nepi ka, dina.
o maké kecap-kecap rundayan rarangkén tukang -eun: hareupeun, wétaneun, katuhueun, jsb.
* katerangan tujuan, maké kecap-kecap pangantét: pikeun, demi, enggoning.
* katerangan alat, maké kecap-kecap pangantét anu hartina maké: ku, kana.
* katerangan sabab, maké kecap-kecap pangantét: sabab, lantaran
* katerangan babandingan, maké kecap-kecap pangantét: jiga, kawas, saperti, cara
* katerangan panyarta, maké kecap-kecap jeung, babarengan jeung, dituturkeun ku barang anu boga nyawa atawa dianggap boga nyawa.

Kalimah Ngantét

Kalimah ngantét (id:kalimat majemuk) diwangun ku dua kalimah atawa leuwih anu dikantétkeun atawa diréndonkeun. Dumasar kana susunanana, aya dua rupa kalimah ngantét:

* Kalimah ngantét satata, nyaéta upama kalimah-kalimah panyusunna satata atawa sadarajat.
* Kalimah ngantét séler-suméler, nyaéta upama aya kalimah luluguna jeung aya kalimah sélérna.

Kalimah ngantét satata ngabogaan pola: p(K+) p(J+) C p(O+) p(K+)

Gumantung kana kecap panyambungna (p), bisa disusun sababaraha hubungan:
Hubungan Conto
1. Hubungan nambah

* ... jeung ...
* ... sarta ...
* boh ..., boh ...



1. Kuring dahar sangu jeung tahu.
* Kuring dahar sangu.
* Kuring dahar tahu.
2. Dédi resep ngojay, boh keur leutik kénéh, boh geus kolot.
* Dédi resep ngojay keur leutik kénéh
* Dédi resep ngojay ayeuna geus kolotna.

2. Hubungan lalawanan

* lain ... baé/wungkul, tapi ... (deuih)
* ..., tapi ...



1. Anu nyaho kana paripolahna téh lain kuring baé, tapi babaturan sasakola deuih.
* Anu nyaho kana paripolahna téh kuring.
* Anu nyaho kana paripolahna téh babaturan sasakola.

3. Hubungan pilihan

* ... atawa ...



1. Kuring téh bingung kudu indit ayeuna atawa isukan.
* Kuring téh bingung kudu indit ayeuna.
* Kuring téh bingung kudu indit isukan.


Dina kalimah ngantét sélér-sumélér, kalimah lulugu nyaéta anu ngabogaan pola samodél kalimah salancar. Sedengkeun kalimah sélérna ngabogaan fungsi pikeun ngajembaran salah sahiji élémén kalimah lulugu, bisa dina jejerna, obyekna, atawa kateranganana. Contona, (A) Awéwé téh maké baju batik. (B) Awéwé téh geulis kacida.

Gumantung kana kumaha nyélérkeunana, (A) atawa (B) bisa jadi kalimah lulugu.

* (A) jadi kalimah lulugu: "Awéwé anu geulis kacida téh maké baju batik."
* (B) jadi kalimah lulugu: "Awéwé anu maké baju batik téh geulis kacida."

Gumantung kana kecap panyambungna (p), bisa disusun sababaraha hubungan:
Hubungan Conto

1. Hubungan waktu: saprak, ti mimiti, basa, nepi ka, saméméh, sanggeus, waktu, jsb.


1. Kuring keuna ku panyakit saprak jalan-jalan ka Talaga Bodas.
* Kuring keuna ku panyakit. (lulugu)
* Kuring jalan-jalan ka Talaga bodas. (sélér)
2. Nepi ka karéta balik deui ka kota, manéhna tetep nungguan.
* Manéhna tetep nungguan. (lulugu)
* Karéta balik deui ka kota. (sélér)

2. Hubungan sarat: saupama, lamun, asal, jsb. Manéh pasti junun sakola lamun diajarna rajin.
3. Hubungan tujuan: sangkan, supaya, ambéh Ambéh teu ceurik deui, budak téh dipangku geura.
4. Hubungan babandingan: saperti, ibarat, kawas, tibatan
5. Hubungan sabab: sabab, lantaran, alatan
6. Hubungan akibat: nepi ka, akibatna, nu matak, ku kituna
7. Hubungan cara: kalawan, ku cara, bari
8. Hubungan kanyataan: padahal, ari, sedengkeun
9. Hubungan pangjéntré yén
10. Hubungan atributip: anu ..., nu ...-na
11. Hubungan konsésip: sanajan, sakumaha/kalah kumaha/naon/saha .. (baé) ogé

PUPUH

Pupuh téh nyaéta wangun puisi lisan tradisional Sunda (atawa, mun di Jawa, katelah ogé macapat) nu tangtu pola (jumlah engang jeung sora) kalimahna. Nalika can pati wanoh kana wangun puisi/sastra modérn, pupuh ilahar dipaké dina ngawangun wawacan atawa dangding, luyu jeung watek masing-masing pupuh nu ngawakilan kaayaan kajadian nu keur dicaritakeun.

Pupuh aya tujuh welas rupa:
1.Asmarandana, ngagambarkeun rasa kabirahian, deudeuh asih, nyaah.
2.Balakbak, ngagambarkeun heureuy atawa banyol.
3.Dangdanggula, ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, jeung kagumbiraan.
4.Durma, ngagambarkeun rasa ambek, gedé haté, atawa sumanget.
5.Gambuh, ngagambarkeun kasedih, kasusah, atawa kanyeri.
6.Gurisa, ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung.
7.Jurudemung, ngagambarkeun nu bingung, susah ku pilakueun.
9. Kinanti, ngagambarkeun nu keur kesel nungguan, deudeupeun, atawa kanyaah.
10.Lambang, ngagambarkeun nu resep banyol tapi banyol nu aya pikiraneunana.
11.Magatru, ngagambarkeun nu sedih, handeueul ku kalakuan sorangan, mapatahan.
12.Maskumambang, ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari ngenes haté.
13.Mijil, ngagambarkeun kasedih tapi bari gedé harepan.
14.Pangkur, ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, nyanghareupan tugas nu beurat.
15.Pucung, ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan, atawa keuheul kulantaran teu panuju haté.
16.Sinom, ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh.
17.Wirangrong, ngagambarkeun nu kawiwirangan, éra ku polah sorangan.
18.Ladrang, ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran.

KAKAWIHAN

Kaulinan Urang Lembur Atawa Kakawihan Barudak (Kenging Ganjar Kurnia)

Ngahaja dijudulan maké « atawa », sabab asa acan aya kasapogodosan ngeunaan istilah. Lamun disebut kaulinan, kapan loba ogé kaulinan anu séjén saperti panggal, sérmen, galah, ucing sumput, jsb, ; pon kitu deui lamun dijudulan kakawihan wungkul, loba ogé kakawihan anu séjénna. Tapi palebah kakawihan anu ieu mah rada khas, sabab lamun ditilik-diantarana aya hubungan antara kaulinan jeung kakawihan. Kukituna, judul ana rada pas mah sigana kaulinan budak lembur anu dikawihan (sok sanajan kanyataanana teu kabéh kakawihan aya kauliananana). Tapi pikeun arguméntasi mah, kakawihan ogé bisa dianggap kaulinan. Istilah kaulinan urang lembur ogé sigana mah anyar (pertengahan taun genep puluhan), sabada ieu « kaulinan » dibawa ka panggung (dijadikeun tongtonan) utamana ku Departemen Kesenian Unpad (aya ogé anu nyebutkeun digali ku Studiklub Teater Bandung/STB) ogé ku Damas.

Naon anu ditulis dihandap ieu, sagemblengna hasil tina ingetan, hasil nengetan para senior di Depkes Unpad manggung (teu kingsi prak sorangan) dina pertengahan taun tujuh puluhan. Biasana lamun aya acara di Unpad atawa di Fakultas Pertanian, sok sanajan geus pada lalulus, arinyana sok kaul. Nya dina kasempetan éta sok pareng merhatikeun (bari jeung teu kungsi dicatet). Ku kituna lamun loba kekecapan anu salah ; katambah lamun ditilik-ditilik dina éta kakawihan téh loba ogé kekecapan anu teu jelas pihartieunana, neda dihapunten. Atuh ka anu uninga, aya kasempetan pikeun ngoréksi atawa ngoméan. Saenyana lamun aya anu leukeun mah, tiasa dicék deui ka aranjeuna anu kantos manggungkeun ieu kaulinan urang lembur, diantawisna ka kang Ekik Barkah, kang Oman, kang Epih, kang Ia, kang Abdurachman, kang Zahir Zahri. Sadaya kakawihan téh teu aya judulan, minangka anu disebut judul téh nyaéta baris kahiji tina lagu.

Interpretasi

Neuleuman eusi rumpaka, aya sababaraha hala nu narik pikeun bisa diinterpretasi :

1. Kakawihan mangrupa alat anu digunakeun ku masyarakat, sangkan naon anu aya dina gerentes haténa teu kaharti ku batur anu aya di luar komunitasna (bahasa sandi). Contona, lagu ambil-ambilan bisa jadi aya patula-patalina jeung kondisi urang sunda harita anu rék dijadikeun kuli (meureun dijjieunna dina jaman penjajahan) ; nu matak basa aya anu rék diambil, dijieun manrupa-rpa alesan.

Jaleuleu ja. Lagu ieu téh cenah dijieun dina mangsa tatar Sunda diserang ku Mataram. Lagu « jaleuleu ja » aya anu nyurahan siga kieu :

Jaleuleu ja ( aya Jawa)

Atulak tu ja éman - gog (Nitah ka jang Eman lamun aya Jawa kudu nyadiakeun tulak (keur panakol) sarta nagog – pasang kuda-kuda, hartina kudu siap-siap)

Seureuh leuweung - bay (seureuh leuweung téh biasa ogé disebut gebay, bentukna siga taméng – kukituna lamun aya Jawa, salian ti kudu siap téh – nagog – téa, ogé nyiapkeun taméng)

Jambé kolot - bug (jambé kolot téh di Sunda mah disebut jebug – jadi lamun musuh datang – kudu digebug)

Ucing katinggang songsong - Ngék (ngagebugna nepi ka siga ucing katinggang songsong – ngék ……………….)

Ayang-ayang gung. Lagu ieu nyaritakeun masyarakat di hiji wilayah anu sahéng (Ayang-ayang gung Gung goongna ramé) nyaritakeun kalakuan pamingpinna nyaéta ménak Wastanu nu jadi wadana. Pangna diaromongkeun téh kusabab kalakuanana olo-olo (naha manéh kitu – tukang olo-olo), giruk -- ruket (ngabalad jeung kumpeni). Tujuanana mah taya lian sangkan bisa naék pangkat – sanajan bari jeung (kalakuan kitu téh) goréng. Ninggali wadana anu kitu petana, saenyana rahayat ngaharepkeun dalem – tapi dalem ogé sarua misleukna (lNgantos kang jeung dalem, Lempa lempi lempong, Ngadu pipi jeung nu ompong) Ngeunaan jalan ka batawi ngemplong bisa dihartikeun yén pamingpin jaman baheula ogé leuwih oriéntasi ka luhur alias ka batawi.

Ningningnang – ningnang dot em dot blem. Ieu gé nyaritakeun kalakuan dalem anu misleuk, ari dongkap ka hiji wilayah sok dipapag ku bajidoran, tidinya teras tutunjuk « kembang malati ». Kalakuan saperti kitu ku masyarakat disarebutna « adu gandék raja belang «

Néng nang néng prak. Lagu ieu mah ngagambarkeun kuwu pedit kariaan (sigana juragan kuwu téh janggotan kawas embé). Susuguhna ogé kapan lauk bilatung, kéjona – kéjo gandrung.

Truk-truk brung. Lamun kalakuan kuwu, wadana, dalem saperti anu disebutkeun di luhur, tong anéh lamun rahayatna malarat. Bayangkeun waé, sarubak-rubakna/sapanjang-panjangna buntut lutung, tuluy dikenyang-kenyang barudak, mangkaning salawé widak. Ceuk bahasa ayeuna mah kaayaan kitu téh ngagambarkeun silih bagi kamiskinan (shared poverty).

Ehon bérod. Lagu ieu siganana nyaritakeun mata-mata anu nyamur jadi tukang oncom. Disebut mata-mata téh sabab sok « comél ka nu gélo » (bisa jadi pamaréntahan walanda atawa jepang, kukituna lamun aya tukang oncom ngaliwat, rahayat kudu ati-ati ngomong (trung-trung-trung kohkol alarm).

Pacublek cublek uang, ngajakan rahayat pikeun motong « kerbau péndék » (Jepang) jeung motong « kerbau tinggi »(walanda) ; sedengkeun anu tinggina jemblang-jemblung mah taya lian tentara Gurkha.

2. Ngagambarkeun kaayaan. Lamun analisa di luhur bener, kakawihan téh bisa jadi dijieunna patula-patali jeung hiji kajadian (aya faktor waktu). Contona, jaleuleu dikira-kira jaman Dipati Ukur, Ehon berod dijieun dina jaman penjajahan, nya kitu ogé ayang-ayang gung. Tina lalaguan ogé, urang bisa ninggali kalakuan bangsa Cina dina jaman penjajahan. Kapan waktu si Roji meuli paku, ku babah teu dibéré, malahan pokna téh mata sia. Palebah dieu urang ogé bisa ngakurkeun jeung sajarah, utamana posisi Cina dina Jepang anu sigana mah meunang posisi khusus (dai nippon nu kawasa).

3. Ngaramalkeun ka hareup. Waktu Sukarno tibeubeut tina kalunguhanana, anu kababawa téh lain ngan ukur manéhna, tapi ogé anték-antékna. Ninggali kaayaan kieu aya nu nyarita, cenah « oray bungka » – baca Bung Karno téh jadi kanyataan, kabeh anu nutur-nutur (dipandeuri) Bung Karno kalaut.

4. Ulin kecap. Dina lagu éhon bérod, bangbang kalima – lima gobang, santri maan dodol katinggali padalisan anu tungtung dijadikeun padalisan anyar.

5. Kaulinan dina hiji kaayaan, contona dina ojok-ojok uang – aung, ojok ata iti.

6. Heureuy biasa, saperti dina pérépét jengkol , cingcangkeling, disurung ungkug-ungkugan (bulu irung digelungan, bulu kéléh dilélépét)

Panutup Catur

Analisa di luhur éstuning dipapantes. Dina sababaraha hal ngan saukur interpretasi, leres jeung henteu na mah kedah digali ku ahlina (sanés pagawéan insinyur pertanian sapertos pribados). Tapi kalah kumaha ogé ieu téh kabeungharan urang sunda.

RUPA-RUPA KAKAWIHAN

Ambil-ambilan

+ Ambil ambilan turugtug hayam samantu
- Saha nu diambil kami mah teu boga incu
- boga gé anak pahatu
+ Pahatu-pahatu gé daék
+ purah nutu purah ngéjo
+ purah ngasakan baligo
- Nyerieun sukuna kacugak ku kaliagé
+ Aya ubarna kulit munding campur dagé
+ tiguling nyocolan dagé

Jaleuleuja

Jaleuleuja
Atulak tu ja éman
gog
Seureuh leuweung
bay
Jambé kolot
bug
Ucing katinggang songsong
ngék

Ayang-ayang Gung

Ayang-ayang gung
Gung goongna ramé
Ménak Ki Mas Tanu
Nu jadi wadana
Naha manéh kitu
Tukang olo-olo
Loba anu giruk
Ruket jeung Kumpeni
Niat jadi pangkat
Katon kagoréngan
Ngantos Kangjeng Dalem
Lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong
Jalan ka Batawi ngemplong

Bang kalima lima gobang

Bang kalima lima gobang (bang)
Bangkong di tengah sawah (wah)
Wahéy tukang bajigur (gur)
Guru sakola désa (sa)
Saban poé ngajar (jar)
Jarum paranti ngaput (put)
Putri nu gareulis (lis)
Lisung kadua halu (lu)
Luhur kapal udara (ra)
Ragrag di Jakarta (ta)
Taun tujuh hiji (ji)
Haji rék ka Mekkah (kah)
Kahar tujuh rébu (bu)
Buah meunang ngala (la)
Lauk meunang nyobék (bék)
Béker meunang muter (ter)
Terus ka Cikampék (pék)
Pékna dagang kalam (lam)
Lampu eujeung damar (mar)
Mari kuéh hoho (ho)
Hotél panglédangan (ngan)
Ngantos Kangjeng Dalem (lem)
Lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong

Sursér-sursér

Sursér sursér
Amis cau
Amis kembang
Hileud sita
Tarungambang
Yéy iyéy
Tai manukan
Yéy iyéy
Tai manukan

Cang ucang anggé

Cang ucang anggé
Mulung muncang ka paranjé
Digogog ku ****** gedé
****** gedé nu Pa Lebé
Ari gog gog cungunguuuung

Héhéotan

Héh héh héhéotan
Bulu kélék jambréosan
Nini-nini dagang ketan
Teu payu dicarékan

Dan masih banyak lagi....

UNDAK USUK BASA

Undak usuk basa nyaeta mangrupakeun tingkatan basa sunda

Dina basa sunda aya 6 undak usuk basa

1. COHAG
nyaeta basa anu pangkasarna tina basa sunda.
biasa dipake keur sato
contona: nyatu, tetegek, ngalebok, ngewekeun, jeung sajabana

2. KASAR LOMA
nyaeta basa sunda kasar sahandapeun ti cohag.
biasa di pake lamun urng sunda keur ambek
contona: *****, bangkawarah, jeung sajabana

3. KASAR
nyaeta basa sunda kasar sahandapeun ti loma.
biasa dipake keur kolot lamun ngobrol jeung nu sahandapeun atawa barudak
contona: dahar, sare, sia, jeung sajabana

4. SEDENG
nyaeta basa sunda sapopoe.
biasa dipake keur ngobrol jeung anu saumuran atawa bisa oge dipake keur ngobrol jeung sahandapeun
contona:

5. LEMES
nyaeta basa sunda anu halus.
biasa dipake lamun urang sunda ngobrol jeung kolot atawa anu saluhureun.
contona: tuang, kulem, jeung sajabana

6. LEMES PISAN
nyaeta basa sunda anu paling halus.
biasa dipake keur nyarios ka raja. tapi kiwari mah biasa dipake keur maca dua ka gusti Allah.